Minggu, 29 Januari 2012

CERITA CINTA JANG ODAY (LEBAY)

cerpen cinta jang oday jackson (jang Yadi Purnama)

Berdasarkan kisah nyata sahabat saya oday jackson waktu smp. sebenarnya ini adalah tugas cerpen bahasa sunda ibu guru maesaroh…dari pada membusuk di harddisk saya, mendingan saya posting aja!!!! bae campur sunda RI ge,,,,,nu penting ongkek..langsung we akang, teteh…………..!

                                                                      KUCIWA
 

Dina peuting anu jempling,anjeuna hiji jajaka anu calik dina teras bari ngalamun,Jiga ngaharepkeun sesuatu,rambutna hideung,irungna mancung,ngange acuk biru,lancingan beureum.
Ti katebihan ku kuring ka tinggal nuju nyarande kana tembok bireuk deui kanggo simkuring manehna pasti si Andri.
Teu kungsi lila kuring nyamperkeun manehna”Dri nuju naon?”Tanya kuring.”eh Dodi ,biasa kuring nuju sorangan,mikiran nasib diri!”Tembal Andri
Kuring semu bingung ngadenge tembal andri,tuluy kuring diuk deukeuteunana,teu kungsi lila Andri nyarita kaayaanana waktu harita.
“Di kuring the bingung,mikiran kaayaan kuring?tanya Iwan.”Naha bingung mikiran naon?”Tembal kuring”sabenerna mah kuring resep ka hiji wanoja,unggal peuting ka impikeun ku kuring”ceuk Andri.
“Naha bet bingung atuh ,tinggal ungkapkeun ka wanoja eta!”Ceuk Dodi.”Tapi Di ,kuring era”ceuk andri langsung di tembal ku dodi”.Wan ,lamun mikiran kaera mah moal maju-maju,tuluy Dodi ngomong”Wan hampura kuring teu bisa lila maturanmaneh,sabab ieu geus peuting,jeung isuk utang ulangan.”Nua nuhun Di ,tos maturan kuring tembal iwan.
Tuluy Dodi cengkat rek balik ka imahna.Teu kungsi lila iwan ngomong na jero hatena”Di sabenerna mah kuring bogoh ka kabogoh maneh.
Panon poe ge geus dating nyaangan andri,ricit manuk nambah ka bimbang hate andri,Andri nyandak kantong teras angkat ka sakola.Di jalan Andri papendak sareng Rasya,nyaeta hiji wanoja anu di pikaresep Andri .Henteu seueur carios,Andri langsung asup ka sakola.Ti dinya manehna nyampeurkeun Rasya tuluy eta dua nonoman the ngobrol dina korsi kelas.
Bel sakola geus kadenge ka jero kelas.Kabeh murid baralik,Andri ngajak Rasya Uih Bareng .Untungna Rasya teu uih jeung kabogohna ,nyaeta dodi,sabab dodi rek kerja kelompok di imah babaturanna.”Sya….uih sareng yu,ceuk andri bari mawa motor Smash.”….mm…hayu!”Ceuk Rasya bari milier heula.
Tidinya manehna teu langsung balik ka imah,tapi jalan-jalan heula ka pengkolan,di sajajalan maranehna loba ngobrol ngaler ngidul.Andri ngarasa atoh pisan geus bisa ulin jeung rasya.Panon poe geus rada surup,eta dua nonoman karek balik.Basa Andri nganteurkeun Rasya,pas di hareupeun imahna.
Andri langsung ngungkapkeun jero hate na yen andri the bogoh ka Rasya,tapi era ku Dodi,sabab manehna babaturan tileuleutik.Rasya Nurgarasa bingung,sabab manehna nganggap andri the babaturan,jeung manehna kalanjur nayaah ka kabogohna.
Teu disangka-sangka di jero imah Rasya geus aya kabogohna anu nungguan bari ngadengekeun anu di omongkeun ku Andri.Tapi manehna nyaeta kabogoh Rasya teu ambek,malahan atoh pisan,yen Rasya the bener-bener cinta,satia ka manehna.
TAMAT
sori euy bisi teu nyambung….lain meunang urang tp si oday (naluri bencong bijil jadi tulisana warna pink)



SUMPAH IEU NGARAN TOKOH TOKOH NA RUJIT...KOMO SI ANDRI MAH HEHEHEHE...HAMPURA ANDRI ,,,HEUREUY

Tidak ada komentar:

Posting Komentar