Sabtu, 28 Januari 2012

DINOSAURUSKU KELUARGAKU

                                                           Wilujeung uih Din……..?

Dian hiji wanci kuring jeung si rodek ulin ka gunung satria,minangka na mah arek ngala babadotan keur si jagur,nyaeta doma kuring. Panon poe geus ngabelentrang kana tarang panas kacida kira- kira tabuh 12.00 waktu Indonesia Bojongloa Barat (WIBB).
Dek panas euy,kumaha lamun neangan wahangan haus euy hayang nginum!waler si rodek,asana mah di lebak aya wahangan tapi ceunah mah didinya loba sato galak,baheula oge ceunah mah anakna mang sanip jeung bu ihah paeh didahar ku maung duka dinosaurus.”ah ari maneh maneh sok aya-aya wae,maenya aya dinosaurus di dieu!.
Teu lila kuring ngojay di wahangan,tapi si rodek anu katelah ku ganteng jeung gagah teu daekun ngojay.Bisi hoyong terang mah si rodek teh nyaeta Si Radi tea.
Pas kuring eunteup di hiji batu kuring nempo barang anu badag buleud bodas semu kopi siga endog ngan badag kacida.”Dek kadieu sakeudeung kuring mangihan endog! Wah endog naon euy ke keheula!
“Poy aya naon?tanya si Rodek,!waler kuring,ieu euy aya endog tapi buadag euy!
Jiga na mah endog soang,atawa manuk onta,tapi asa moal mungkin lamun manuk onta mah.Ceuk si Rodek,meureun endog dinosaurus mah.
Poy! bawa weh ka imah sugan jadi naon kitu,lamun bener ieu endog dinosaurus pasti bakal hese ngurusna.Nepi kuring di imah bari mawa eta endog. Eta endog ku kuring di teuneun di goah,20 poe eta endog di teuneun ,pas poe ka 22 eta endog teh jadi mangrupa Dinosaurus.Berebet weh lumpat kuring ka imah si rodek.
“assalamualaikum,Punten Bu aya Radi na,Kerekek panto di buka ,”aya naon Poy,!Itu endog jadi anak dinosaurus,waler si rodek,Ah maenya?sing demi aing mah!waler si rodek ,demi naon demi anang atawa demi Allah?nya demi Allah atuh ,,,dek,hayu atuh gancangan urang teang bisi kaburu euweuh. Teu kungsi lila kuring nepi di imah.Tapi eta anu ngaran dapur jiga kanang bagong mani pabalatak ari pek teh ku eta dinosaurus anu keur dahar. Dek kumaha lamun eta dinosaurus ngabadagan??? Ah duka kumaha engke. Geus aya saminggu eta dinosaurus cicing di imah kuring tapi jatah dahar kuring jadi nyaeutikan gara-gara ngurus eta dinosaurus. Kira-kira tabuh 03.00 pasosore kuring ka imah si rodek,ari di teang ceunah mah si rodek keur ka imah akina Pak Suharto,rek ngalayad sabab maot.Suharto nyaeta Mantan Presiden Republik Indonesia anu kawilang loba jasa na jeung kasalahan nana tapi lamun ceuk kuring mah loba keneh jasana, jeung kasalahanana lamun di bandingkeun jeung kiwari loba keneh pajabat bangsa kiwari kasalahanana. Isukna kuring ka imah si rodek deui rek ngabahas dinosaurus.Assalamualaikum
(nepi oge kuring ka imah si rodek),Dek dek dek!hudang tong sare wae!Aya naon Poy waler si rodek.Ceuk kuring ,Dek kumaha eta euy dinosaurus nu di imah,bingung urang”Kumaha lamun di balikeun deui ka gunung?Ceuk kuring heueuh nya euy urang balikeun wae,tapi urang geus kacida nyaah ka manehna asa geus ngangap kaluarga,waler si Rodek,Poy sing ngarti yen eta dinosaurus teh boga indung bapa jadi kudu dibalikeun ka kaluargana! Jawab kuring,, ah…ari kitu mah hayu wae.
Tabuh 03.00 kuring indit ka wahangan tempat manggih eta endog bari mawa si dino,din ayeuna mah maneh cicing di dieu jeung kolot maneh(bari teu kuat nahan kasedih).teu
kungsi lila kuring jeung si rodek ninggalkeun si dinosaurus, paur bapa na datang heg urang engke di legleg. Liwat lima belas tahun kuring jeung si rodek jadi ilmuan anu neliti dinosaurus di BTC (BOJONGLOA TECHNOLOGY CENTER) anu alamatna di
gigieun pasar Bojongloa.
SORI EUY NULISNA RADA RUSUH

Tidak ada komentar:

Posting Komentar