Sabtu, 28 Januari 2012

CERITA HANTU LUCU

                   CERITA HANTU LUCU

Basa aya tugas nyieun carpon ti ibu neulis, kabeneran si ajat teu bisaeun nyieuna, jadi nitah ka urang mangnyieunkeun…..mere we si kehed duit 5000 perak…demi kemanusiaan tarima we ku urang proyek carpon ti budak IPS 3, khususna si ajat. bret we ngagudrud kuring nulis sakainget, tah ieu hasilna,,,,,,,,,mangga we ku akang sareng teteh ‘aos!!!! sugan we utah uger macana……………….!!!!!!!!!!

                                                       JURIG IRIGASI SAWAH

Hiji wanci kuring jeung si Yayan rek ngaji ka masjid, kira-kira tabuh 06.00 maghrib kuring indit .”Yan..! asa teu ngeuah hate euy rek ka masjid teh”ceuk urang,”ah…tong sok di rasa Jat,bisi kajadian,emangna maneh mikirkeun naon?urang mah sieun lamun ngaliwatan jalan irigasi sawah,ceunah mah baheula aya jelema anu dipaehan,gara-gara maling di lembur urang.
Sajajalan si Yayan jeung kuring tuluy babacaan,naon weh anu di baca mah nu penting aya araban.Nepi weh kuring di masjid, kira-kira tabuh 08.00 peuting kuring balik ka imah.
Ceunah mah eta jalma anu di paehan di irigasi sawah teh urut tukang maling anu teu asa-asa maehan anu boga imah, eta jelema teh ngarana Codet Gokil, maneh na ceuk kolot baheula mah teu teurak di kadek. Ngan sakuat-kuatna jelema pasti aya kalemahana, yen kalemahan Codet Gokil teh teu kuat di babuk ku awi haur,jeung di bura ku cai daun kelor anu geus meunang nyaring ku parawan atawa wadam.
Harita basa si cogok (landian Si codet Gokil) arek ngabangsrat di imah Pa Haji Muhlis Bin Ortodok,manehna kapanggih keur muka lomari pakean,
“Hey saha maneh teh?rek naon di imah urang?”tanya pa haji,”Sidik aing teh keur ngabangsrat imah sia haji,nya kadeuleuna urang teh keur ngumah wadah,ngisikan atawa nyiksikan bawang!Ceuk si Cogok bari ngalonye ka pa Haji Muhlis.
Kabeneran harita si udel nempo kajadian eta tina bilik imah Haji Muhlis,teu lila si Udel langsung bebeja ka warung,kabeneran keur loba jelema jeung Mbah Rumeuk(Dukun kampung anu sakti mandraguna,muridna Barry Prima jeung Advent Bangun.
Slankers,nidji holik,baladewa,klikers,Oi,,malahan mah genk motor ti tiap klub marantuan. Prak na mah jelema geus ngagulung di sakuriling imah pa haji muhlis,Ayeuna si Cogok teu bisa lumpat kamana-mana deui.Der weh di rempug ku sakabeh masarakat,tapi nu anehna maneh na teu teurak di kadek,malahan bedog ge rampung teu teurak.
Kabeh geus kawalahan ngalayanan si Cogok,Teu disangka-sangka aki Rumeuk datang mawa anak buahna nyaeta Si Udel tea jeung si ade bayor.”Brother kudu di kumahakeun ieu jelema sa hese paehna”,celetuk si Udel ka si ade bayor,”ayeuna mah urang lawan heula make aji ngajul bentang ku asiwung!”,Ceuk Si ade bayor.
Tapi angger keneh si Cogok teu eleh-eleh,malahan mah kalah seu-seurian.”Ayeuna urangeun anu nyerang!ceuk si Cogok”Buricak,burinyay,beledug.Sakocepat manehna ngaluarkeun aji kokod monong,bener weh teu saukur nyingsieunan,si bayor nepi ka mecleng ka susukan mang Upar.
“Kieu gawe mah kudu jeung urang layana si Cogok teh,keun urang kaluarkeun aji Panas Dalam jeung Bibir pecah-pecah,ceuk si Udel”,kabeh pepelakan anu aya didinya pararaeh,sapek si udel ngaluarkeun aji Panas Dalam jeung Bibir pecah-pecah.”Aing mah moal mempan ku jurus murahan maneh mah del!”euk si Cogok bari ngahina Si Udel,”euh ayeuna mah rasakeun jurus tingkat 2 pamere ti sadam husen,Jurus Angin Pancaroba campur Nuklir”.Teu kungsi lila  si udel ngacleng kana kanang hayam mang Bohim.Tungtungna mah aki Rumeuk maju tek maehan si Cogok.
Aki Rumeuk karek inget yen jalma kawas si Cogok elehna ku awi haur atawa daun kelor anu meunang meres ku wadam atawa bencong.Kabeneran Mang Jiemenez balik ti kebon mawa daun kelor.Teu lila
torojol si Sulaemih atawa si sulaeman datang.
“Kabeneran sulaeman..eh sulaemih.maneh datang,Cik atuh euy aki geus beak akal ayeuna mah pang mereskeun daun kelor ku maneh,”titah aki Rumeuk.
Langsung harita si Sulaemih nginjeum baskom jeung parud ka bi Isoh,”Bi cik euy atuh nginjeum baskom jeung parud”Ceuk si sulaemih.Mih arek anu bodas,hideung,atawa bulao make baskomna(kabeneran bi isoh tukang ngiriditkeun pakakas dapur)Ceuk Bi Isoh.Waler si sulaemih,”Nu mana weh asal cucok bo.
“Gancangan Sulaemih bawa peresan cai daun kelor teh aki geus teu kuat ngalawan si Cogok.Ceuk aki Rumeuk.waler si sulaemih,”mengke aki-aki tong sok ngababarikeun.Yeuh inum cai na ku sia!Lain keur aing kehed,tuh keur si Cogok.
Burrrrrr…………..!eta cai teh di burakeun kana beungeut si Cogok,”aduh euy panas cai naon ieu aki……alah panas pisan nai asa di simbeh ku ci panas.Kira-kita 10 menit manehna nahan kanyeri nepi ka paehna.Hujan badag,taneuh rengat beulah jadi dua,…………plung lagrak awak si Cogok kana jero taneuh,nepi ka taneuh eta nyambung deui jiga biasana.
Nepi ka ayeuna eta tempat paeh si Cogok teh jadi tempat karamat anu ayeuna aya di gigireun tembok paragi jalan irigasi cai keur ka sawah-sawah.
Aki Rumeuk,si udel,ade bayor di lantik ku Presiden Indonesia nyaeta Susilo bambang Yuyudhoyono jadi Warrior Of The Match kampung kuring.selang dua poe gigireun WC uwa ahim aya Monumen patung Aki rumeuk keur udud bako cap parabola.
                                                                TEUHE ENED


punten bilih aya pihak anu diuntungkeun, da ieu mah ngan guyon sakainget,,,,,wayahna we bisi aya nu amek am so sori we atuh lur…..ok!!!!!! hampura titik jeung koma na acak acakan...nu nulis geus lieureun hayang modol

Tidak ada komentar:

Posting Komentar