Minggu, 29 Januari 2012

CERITA CINTA LEBAY SI KUCLUK

carita cinta jang otep kucluk (yosep tresna agung ngaran aslina mah)

Tah lamun ieu carita sahabat urang nu hiji deui sok disebut otep kucluk….punten we bilih teu nyambung da si kehed nu nulisna sanes kuring(rodex ganteng)…tapi ieu carita nyata anu saangkatan sareng sasakala sakadang kuya jeumg batman…..mangga baca heula engke kakara ngahina,,,,,,!!!!!!!!

                                                          PAPANGGIH MIMITI


Itu teh manehna !awakna make oblong biru calana jean’s hideung jeung kaputan boal beureum,jangkungna kira kira 150 Cm,awak saeutik genut,keur nyarande dina etalase,di palataran toko.
Jarak sapuluh meter,,kuring jadi laluasa nempo beungeutna.Beungeutna anu buled,irungna anu mancung,ditamah biwir anu burahai jeung hiasan karang di luhurna,kulitna nu bodas teu mampu ngacolak panampilanna.ah si erik bisa-bisana mere poto anu jauh tina gumbaranawewe impian.
Kuring leumpang tereh,panasna panon poe asa nyebret pisan,padahal panon poe geus teu moncorong pisan.Kuring di terehan leumpang sabab sieun kapergok ku awewe eta,sabab anjeuna wanoh ka kuring.
Kuring leumpang balik ka imah,tapi di imah euweuh sasaha,indung bapa kuring keur kalaluar,kur aya lanceuk kuring.”kunaon sep buad-baeud?”lanceuk nanya!,”Ah….teu nanaon!tong hayang nyaho.Kuring lanceuk nu tunggkul,kunaon kuring tumpahkeun rasa ka kesel ka lanceuk anu teu apal urusanana.
Can acan kuring keketrok aya nu ngalamun,”sep,jang!rerencangan yeuh!”ceuk lanceuk”saha Aa?”tembal kuring.”teu naho tuh sep”ceuk lanceuk!.Saha anu dating poe kieu ngaganggu pisan!,ku kuring katempo yay awewe beungeutna lesu cicing di buruan,kaos oblong jeung calan jins kampungan,kuring jadi inget jeung awewe anu tadi di panggihan.
Lengkah kuring eureun sakeudeung,hate bimbang.Tepungan atawa enton lamun di tepungan kalah nambah rasa kesel jeung kecewa,tapi lamun teu di tepungan manehna karunya geus leumpang jauh-jauh,jeung deuih lamun teu di tepunhgan kuring bakal ngabatalkeun jangji.
Akhirna kuring ngawanikeun karep.Kuring langsung ngenalkeun diri,yen kuring ni salila ieu ngajak papanggih tea,”Hey…!”Kuring nanya,sanajan di paksakeun,manehna jiga anu ngagebeg
“Eh..hey!manehna ngabales,…………………?
“Ieu the Fitri tea”.Nandanan Fitri nau kampungan nyebabkeun kuring embung papanggih jeung kenal deuih.Leungeun Fitri tiis pisan jiga euweug geutihan.manehna kasima papanggih jeung urang.
Memeng da beungeut kuring lumayan,da loba awewe anu resep ka kuring.Cinta kuring ka Fitri ngan kuring anu nyaho,can pernah kuring nyarita keun kasasaha oge.
Tapi barang papanggih kabeh harepan teh ringsek,sabet papanggih jeung jenisna,ayeuna di hareupeun kuring nyampak awewe anu jauh ti- harepan jeung impian.Fitri teu jauh ti Anis,babaturan sakelas kuring anu sok di landi urang gunung ku babaturan kuring,beungeutna kacida katro,deso,pokona mah kampungan.
“Sep….,manehna nanya ka kuring anu keur ngalamun,ku kuring dipelong ku sorot panon anu kurang enakeun,ngarah manehna nyaho yen kuring teh teu resep ka manehna!,sorot panon Fitri seukeut,sakeudeung muncul kaheranan,kuring oge miluan melong ka manehna,tapi kuring teu wasa nempo sorot panona
“Sep abdi terang,yosep pasti kecewa ku ayana pertemuan ieu,salami ieu pasti yosep ngabunggahkeun abdi salaku isrti anu di impi-impikeun,tapi eta impian teh nyalah tina harepan,leuwih-leuwih abdi ngan saukur istri kampung ti gunung,Ceuk Fitri,”kuring heran ti mana manehna nyaho eusi hate urang?
“Abdi terang naon anu bade yosep pikirkeun,abdi tiasa naropong kana hate yosep,yosep kaciwa ninggali kaayaan abdi anu sabenerna,anu jauh tina pikiran,”Fitri ngomong sora leutik,jiga sora anu datang ti nagari antah barantah,padahal Fitri aya di hareupeun kuring,jeung anu leuwih kaget fitri bisa maca hate kuring”.Can sempat kuring ngomong fitri geus ngomong deui
“Sep abdi datang ngan ukur nepatan jangji abdi,sms ti yosep hoyong papendak langsung,nya abdi nganggapna eta pamenta yosep”.
Awalna tadi ragu,na kadatangan abdi teh rek di sambut baik,sora fitri ngahalengis,hate kuring duka aya nanaon kuring ngabayangkeun kumaha lamun posisi fitri aya di urang,pasti kuring geus edan-edanan,sabab geus nyita waktu,tanaga jeung sagalana,kur di bales ku kakaciwaan ti nu dihareupkeun hade.
Tapi kuring oge teu mungkin sanggeus ninggali kaayaan Fitri anu jauh tina impian.Memang ieu kasalahan kuring anu teu pupugug.”Ya ALLAH hapunten abdi”kuring ngageretes dina hate.
Sanggeus lila cicing kuring ngarasa watir ka manehna,lila kalila manehna ngomong anu ngareuwaskeun kuring”sep hapunten abdi tos wantos nyarios kieu ka yosep,abdi sadar yen rasa kaasih jeung kaheman eeh teu bisa dipaksakeun,tapi abdi gaduh pamenta ka yosep!”Kuring saeutik ngabebeg jeung panasaran,na naon anu rek di omongkeun?,”aya pamenta naon Fit…? kuring nanya pinuh panasaran!,”Sep sanajan urang teu bisa ngahiji,tapi abdi hoyong keneh hubungan jarak jauh jeung yosep siga kamari-kamari!can oge dijawab manehna geus motong,”Tapi eta ge lamun yosep kersa keneh,na lamun henteu mah teu nanaon.
“Sep angaplah sadaya kajadian ieu teu pernah kajadian,ngan urang duaan anu nyaho”.Ceuk Firti bari ninggalkeun kuring,hate bunggah,reuwas,watir kabeh pacampur.
Tapi kuring boga kasalahan ka manehna anu teu boga rasa dendan ka kuring.
Ti saprak kajadian eta kuring jadi miboga palajaran,nyeta ulah sok jangji ngucapkeun kahayang ka nu can pararuguh kaayaanana kumaha.
TAMAT
SORRY TITIK KOMANYA ACAK ACAKAN,,,REMPONG CYIN

Tidak ada komentar:

Posting Komentar