Sabtu, 28 Januari 2012

CERITA LUCU PETUALANGAN TRAGIS

terinspirasi ieu carita ti babaturan urang anu beungeutna jiga pokalis kenjen band anu cadu mandi, jiga triplek pacilingan anu geus rametek ku encuad….encuad…encuaduk….

                                                             PETUALANGAN TRAGIS

Basa kuring ulin ka jepang jeung si uman,kira-kira tabuh sapuluh isuk-isuk,naek kapal Batavia Air!”Bed rek naek kapal naon urang ayeuna?tanya kuring.”naek kapal naon weh asal nepi,ceuk si ubed.
Nepi weh kuring dina kapal Busiat Air.Kuring nanya ka pramugari,”pramugari kira-kira tabuh sabaraha kuring nepi ka jepang?,”waler Pramugari,paling 2 jam kurang pa,lamun kapal na teu lagrag.Ceuk kuring,ari maneh sok lalawora wae,lamun rek paeh,paeh weh sorangan.
Tabuh sawelas kuring teu kuat hayang nginum,”Bed lamun hayang nginum dimana warungna euy?”ari maneh da moal aya warung,da di jero kapal ieu mah lain di genteng,waler si ubed.
Basa kuring neangan cai,lampu kapal ngadadak pareum,harita keneh kuring reuwas,teu lila ti dinya aya buburinyayan tina kokpit kapal,sing horeng teh kabel kapal pegat.
“Bed dimana maneh euy?aduh euy poek yeuh!,teu kungsi lila lampu kapal hurung deui,sakocepat kuring diuk deui teu wani leuleumpangan deui.”Ari maneh ti mana jaka,tanya si ubed!,urang teh hayang nginum,teu kuat haus jeung knek kapal na teuing kamana!,Engke deui mah moal wani indit sorangan.
Hiji wanci kapal bet jiga aya anu ngaoyagkeun,ari pek teh jangjangna kaduruk,Kabeh anu aya dina eta kapal langsung ti buburanyat,teuing rek kamana,da ieu teh di jero kapal lain dina angkot 06 cilawu.
Kadua kalina jangjang anu kenca kaduruk deui,kabeh jelema pating kuriling neangan lawang pating kaletrok kana panto pilot,neangan pitulung.
Harita keneh ku bagean mekanikna di omean,ari pek teh radiator na ngebul,mekanikna digawe neangan cai di wc,kapalna nginum jiga kebo di mandian,durutdut kapal majuna ngikut,ngebul di luhur hese di omean.
“Bed kumaha ieu,maenya urang kudu paeh ayeuna?tong paeh acan waktuna urang mah moal da embung!maneh weh”buruan ayeuna mah cokot parasit bisi kapal na teu kuateun .
Ceuk pilot,Kepada semua penumpang Busiat Air di harapkan tenang karna situasi akan segera di kendalikan,kitu ceunah omongna si pilot jeung knekna eta kapal.
Lila kalila kuring nempo lapang anu panyang jeung badag,panya teh sawah ari di sidik-sidik kutan teh Bandara di jepang.Tapi pas rek eureun kuring asa rada teu ngeunah hate.
Duarrrrrrrrrrrrrrrr,,,,,,,,,……………….Cing karoceak,kapal ngabeledug,harita keneh kuring langsung luncat tina kapal anu ngabeledug eta,teu mikirkeun si Ubed” ah …paduli teuing si ubed mah paeh oge,da kuring mah teu nyaah,ari pek teh si ubed geus ti heula………….paehna,dina wanci anu teu lila eta kapal kaduruk euweuh jelema jagjag.Kira-kira tabuh 24.00 kuring di lumpatkeun ka rumah sakit di jepang.Tung-tungna mah kuring salamet,Ah engke deui mah moal numpak Busiat Air,Tapi tek naek Hercules,nyaeta kapal anu sok di pake perang,pasti bakal loba anu paeh.

                                                                  TEUHE ENED

                        

Tidak ada komentar:

Posting Komentar