Sabtu, 28 Januari 2012

DI UDAG ANYING HERDER

                                                                 DI UDAG ANYING
Harita kabeneran poe minggu kuring jeung si dani rek ulin ka imah si ipan,,,minangka na mah ngajakan jogging("g" na hiji atawa dua euy ? bae lah salah sautik wae mah, moal matak ngurangan kagantengan nu nulis).lanjut !!!!, tah kabeneran bi endeng keur diuk na terlas imahna bari metis..(rajin isuk-isuk kieu geus metis)..
                        urang       :  bi endeng ari ipan na aya teu?
                        bi endeng :  budak eta mah weuyah kieu keur bobo keneh..jing geura ka kamar na,,gugahkeun!
                        urang       :  nya atuh urang gugahkeun
teu kugsi lila kuring ka kamar na si ipan,,,
                        dani         : di,(di/adi = urang) sok hudangkeun atuh ku maneh??
                        urang       : heug...
                        urang       : hey pan...nyaring,,,nyaring haru urang ulin urang berpetualang
                        ipan         : hmmm
                        urang       : nyaring lain "hm..hm..hm..hm"
                        ipan         : hmmm
                        dani         : eleuh eta si goblog ngadon "hm..hm..hm..hm"
                        urang       : geuwat nyaring, tuh tai anying geus garing..!
                        dani         : ah maneh mah adi, maenya tai anying geus garing,,aya ge rejeki beak di pacok
                                        hayam
                        urang       : bae da si ipan mah rejeki na ge tai anying,,akur jiga maneh
                       dani&ipan: euuuh dasar an(sensor)ng....
keur nyingakt waktu,,,langsung we si ipan teh nyaring jeung geus siap siap indit...
                        ipan        : di urang ulin kamana ayeuna teh ?
                        urang      : hayu kamana we sanepi na..!
                        dani        : ah urang mah kumaha imam beser waelah
                        ipan        : teu areling maraneh mah...!
sanggeus jogging nepi ka daerah salawu kaum,,,kuring jeung barudak eureun heula di warung,,,bari balakecrakan dahar gehu jeung bala-bala,,,ari dahar bala bala na mah ngan 3 siki ngan saos na beak satengah botol, geuraheun eta tukang warung tkor. geus heuleut satengah jam kuring jeung barudak niat rek balik deui ka lembur,
                        dani       : hayu ah urang balik,  lumayan geus jauh oge petualangan teh yeuh
                        urang     : heueuh urang ge akur geus cape dan..!
                        ipan       : lamun balik jalan nu tadi pasti bakal lila nepi ka imahna euy,,
                        dani       : geus kitu balikna jalan mana...?
                        ipan       : urang motong we ka nagrak terus tembus ka cigaru, tidinya  rada nanjak aya  
                                       imah si san san,,,lempeng we ka tonggoh,,,nepi weh ka imah urang
                        urang     : hayu atuh urang keureyeuh
kuring jeung barudak leumpang, motong jalan ngaliwatan gang gang imah warga, ari pas ngaliwat ka hiji imah aya budak leutik keur sasapedahan,,,ku si dani teh eta budak di belelan,,,,ari pek teh eta budak ngaleos bari ambek...teu lila eta budak balik deui jeung anak anying herder,,,"gaik gaik gaik" wah pirage anak anying moal nanaon urang tajong we...ari pek teh torojol aya anying nu leuwih gede,,,soinghoreng teh indung na eta si anak anying...urang jeung barudak teh lumpat da kasima sieun,,aduh eta anying ngadon nuturkeun...
kuring jeung barudak teh nyumput we di golodog imah warga
                        dani       : kalem kalem lamun di udag anying ulah lumpat...pura pura teu apal we..
                        urang     : sugan we teu ngudag deui
                        kerekek tina panto imah kaluar nini nini..ceuk nini nini,,,teu nanaon anying eta mah jang sok nyingsieunan...oh kitu emak, waler si dani
 teu kanyahoan eta anying geus hareupeun,,,saking ku sieuna urang jeung barudak lalumpatan,,,kabeneran manggih jalan,,tapi si ipan lumpatna boyot ngahalangan urang jeung si dani,,,paaan, geuwatkeun itu anjing tukangeun urang, ceuk si dani,,,suku aing nyeri kekeongeun, waler si ipan....lumpat we urang teh jeung si dani ninggalkeun si ipan ka cigaru..tungtung na urang geus rada jauh jeung eta anying...
                         urang     : dan, ari si ipan mana?
                         dani       : apanan tukangeun maneh lain?
                         urang     : duka atuh...maenya di hakan anying mah
                         dani       : aduh kumaha engke bebeja ka bi endeng yen si ipan di hakan anying?
                         urang     : aduh bahaya,,,,kumaha nya euy?
torojol teh si ipan ngaganjleng hareupeun tangkal kalapa bari hahehoh,,,
                         ipan       :  ah nu garelo siah ninggalkeun aing hah!
                         urang     :  hampura euy,,da kasima atuh urang teh,,lumpat we sakebekna
                         dani       :  da suku manehna kekeongeun jadi ngagokan,,,tinggalkeun we ku urang teh
                         ipan       : ah jurig siah
                         urang      : kumaha teu kunanaon?
                         ipan        : teu ngan rewas hungkul,,hampir aing ngising na calana,,,untung ngan kiih hungkul
                         dani        : hahahah beja beja isuk di sakola ah,,,si ipan kiih na calana
                         ipan        : ulah hah,,,der kharisma aing luntur
leumpang  we kuring jeung barudak teh nepi ka imah si ipan trus nginum nepi ka beak cai sateko saking ku cape, haus jeung reuwasna.....
                        urang    : aduh euy, bisa balik oge hahahaha
                        dani     : haha,,hirup keneh euy hehehe
                        ipan     : hampir aing paeh hmmmm

tungtung na mah ngadon seseurian nyaritakeun kajadian tadi jeung barudak

                                                                   TEUHE ENED




 
                       
                                                                       

Tidak ada komentar:

Posting Komentar